BASA KURING NAMATKEUN HIRUP NA CONGO PEDANG !

( catetan pondok keur Ruyati , Pahlawan Devisa ,nu perlaya di Saudi Arabia )


Sungkawa nu di bawa lunta

Ninggalkeun getih kaperih

Nu acret-acretan , amarayah

di sapanjang lengkah !

Geus tutup lawang keur cacarita

Akar eurih nu jadi pamuntangan panungtung

Muruluk taya daya

digadabah hama nafsu nu rohaka.

Kamarana nu baheula jangji rek bebela

Kecap ngan saukur papaes hirup

ngiles ,diteleg talaga hieum

nyesakeun ketug jajantung

nu mudah ,kagedur nahan renghap kapegung.